KEMBANG MALATI NU JADI HARTI
PENAIS KUA JAPARA
AMINUDIN, S.Sos.i
1. ABU
NAWAS; Tingkatan Jalmi
Imam abu nawas nyaurkeun yen manusa teh kabagi kana tilu t ingkatan, tingkatan panon,
tingkatan utek sareng tingkatan hate, tingkatan panon lir ibarat budak leutik anu ningali bentang diluhur langit, budak
bakal nyimpulkeun yen ukuran bentangmah leutik, sabab budak mah mung
numutkeun tina panalungtikan panona wungkul pikeun ningali ukuran bentang, anu
kadua tingkatan utek, dibaratkeunana sapertos jalma pinter nu ningali bentang di langit. Saur jalma pintermah bentangteh ageung, sabab
anjeuna ngagunakeun elmu pengetahuan pikeun ningali ukuran bentang, sedengkeun
tingkatan katilu nyaeta tingkatan hate, dibaratkeunana jalama pinterr bari
ngarti ningali bentang diluhur langit, saur nu pinter tur nungartimah bentang teh angger leutik sok sanaos apal yen
bentangteh gede, sabab pikeun jalma nu pinter bari ngartimah teuaya barang tur perkara anu ageung
lamun dibandingkeun jeung maha
agungna, maha besarna gusti allah
swt.
Di na alquran tegesna q.s. ali imron ayat
190-191 jalma model kieu kalebet jalmi
anu ulul albab, nyaeta jalmi anu ngagabungkeun antawis potensi dzikir ka allah
jeung potensi pikir kana dadamelanana gusti allah.
2. AL AHMAQ (Panyakit di Zaman Nabi Isa
AS)
Kanjeng nabi Isa As, dipaparinan
mukzizat ku Gusti Allah diantarana tiasa ngawaraskeun jalma anu gering, sakabeh
panyakit nyaris tiasa di obatan ku anjeuna, malahan panyakit lepra, jalmi nu
teu ningali kalayan izin Allah tiasa damang sabihara-sabihari deui, dugi ka
jalama anu tos maot oge tiasa dihirupkeun deui kalayan izin Gusti Allah
swt, cindeknamah kanjeng Nabiyulah isa
as, dokter ahlina para nabi jeung rosul .
Nanging hiji mangsa aya panyakit anu teu mampu diwaraskeun ku kanjeng
nabi isa as, panyakit eta teh nu disebut al ahmaq, nyaeta panyakit dungu atanapi bodo kuadrat (jahil murakkab),
cindeknamah panyakit bodo bin belet, beletna kaliwat saking. Saur kanjeng nabi isa a.s
jalma nu gaduh panyakit model kitu ciri-cirina eta jalma ngaraos reeus kana dirina sorangan, ngarasa
aing pang benerna, sadaya kaunggulan ngan aya dina dirina sorangan, teu aya
saeutik oge kakurangan dina dirina, pokonamah ngaraos dirina manusa anu
pangsampurnana, padahal dina kanyataanana jau tina enya. ieu nu disebut
panyakit al ahmaq.
Ngenaan hal eta, golongan ahli tasauf
ngabagi manusa kana opat jenis: anu kahiji (la yadri wa yadri annahu la yadri),
nyaeta jalma anu teu nyaho tapi nyaho yen manehna teu boga kanyaho. Nu kieumah
gampang ngobatana ku cara diajar atanapi sakola.
Jenis anu kadua( yadri wa la yadri
annahu yadri) nyaeta jalma anu yaho tapi
tenyahoeun yen manehna teh boga kanyaho, jalma model keiumah lir ibarat
jalma nu keur sare nu kudu dihudangkeun disadarkeun yen boga kamampuan anu bisa
mere mangfaat pikeun dirina jeung masyarakat.
Jenis anu katilu (yadri wayadri annahu
yadri) nyaeta jalma anu nyaho jeung nyaho yen dirina boga kanyaho. Jalmi model kitu anu kalebet jalma wijaksana
anu kedah diturutan jeung dipenta elmu
pangaweruhna.
Jenis anu terakhir nyaeta (la yadri wala yadri
annahu la yadri) nyaeta jalma anu teu
nyaho bari teu nyahoeun yen manehna teu boga kanyaho. Jalma model kieu anu kalebet belet alah
tibatan belet, alias bodo kuadrat, al-ahmaq, jahil murrakab.
Urang salaku jalma anu iman mudah-mudahan
tiasa nebihan panyakit al ahmaq, atanapi nebihan golongan manusa anu kaopat,
urang kedah gaduh kasadaran yen sakumaha hebatna hiji jalma, sakumaha
pinunjulna hij manusa, masih keneh aya nu leuwih maha hebat nyaeta gusti Allah
swt.
“Kami (gusti Allah) ngangkat darajat
saha bae jalma anu kami kersakeun, jeung di luhureun jalma anu uningan aya nu
maha uninga: Yusuf 76
3. BA HAKIKOTUN; LAAILAHAILLALLOH
Saparantos dijadikeun manusa sautuhna
dina alam rahim kandungan, Alloh ngedalkeun dina al quran surat al araf 172
Jeung sing inget nalika Pangeran maneh
ngarundaykeun anak incu Adam tina tulang tonggong (sulbi) maranehna, jeung
anjeuna ngajadikeun maranehna jadi saksi pikeun dirina:”Naha Lain Kami teh
pangeran maraneh?” Jawabna:”Leres abdi sadaya nyakseni.” Eta teh supaya maraneh
engke dina poe kiamat henteu nyarita:”Sayaktosna abdi sadaya (Bani adam )
Taledor dina ieu perkawis.”
Tina ayat tadi, Alloh naroskeun ka
urang nalika di alam ruh (alastu birobbikum) “Naha lain Kami teh pangeran maraneh?.
Mangka sadaya manusa ngawaler ku dua kecap Bala, sareng syahidna. Disaurkeun ku
Prof.DR syukriadi sambas Ari bala hartina sumuhun, tapi hakikatna mah kalimat
bala teh kalimah tauhid, mangka disebat ba
hakikotun ku urang sunda diringkes supados gampil nyebatna, ba hakikotun teh nyaeta bakikuk. Mangkana
kolot baheulamah sok ngedalkeun kecap ciluk ba kikuk ka budak orok, seug
diteuleuman mah keur ngajarkeun budak teh kalimah ba hakikotun. Nyaeta kalimah
utama ti awit kanjeng nabi adam tug dugi ka gusti nabi muhammad saw ( afdholu
ma qultu wa nabiyuuna minqobli laailaahaillalloh) sedengkeun syahidna hartina
kami nyaksenan, tapi hakikatnamah nyaksikeun Kanjeng Nabi anu di utus dina
zaman hirupna, mangka pikeun urangmah kecap syahidna hakekatnamah Sayiduna
Muhammadarosululloh.
Kecap bala sareng syahidna cindekna
Laailahaillaloh sayiduna muhammadarosululloh anu tos dikedalkeun ku sadaya
manusa di alam ruh, mangrupikeun kalimah anu suci, anu ngajantenkeun manusa babar ka alam dunya
dina kaayaan suci, sareng mugia urang sadayana nalika balik ka tempat
pangbalikan, balikna dina kaayaan suci, nyandak kalimah anu suci. dingawitan kalimah suci dipungkasna oge ku
kalimah suci sangkan balik deui ka tempatna Gusti anu suci. Sakumaha pidawuhna
kanjeng Nabi saw. (man qoola laailaahaillalloh khoolison mukhlison fii akhiri
kalamihi dakholal jannah) sing saha jalma anu di akhir ucapanana nyangkaruk
dina kalbuna, kedal dina lisana Laailaahaillalloh pasti lebet syurga). Jalaran
kitu Alloh tos wanti-wanti ka urang sadayana supados sateterasna emut Ka Alloh,
dzikir kaAloh, dina kaayaan dzikir anu loba.(udzkurulloha dzikron katsiroo)
Dzikir anu teu kawates ku waktu sareng tempat
(alladziina yadzkuruunalloha qiyaman, wa quudan wa’ala junubikum),
/faidza qodoitumussolah fadzkurulloh qiyaman, wa quudan wa alajunubikum)(annisa
103).
Seeur
carana dzikir, loba kalimah dzikir anu diaos kuurang sadayana, teras nu mana nu
kedah diamalkeun jeung kumaha cara ngamalkeunana, dina surat an Nahl ayat 43
diterangkeun
Kusabab eta geura tanyakeun ka jalma
jalma ahli dzikir upama maraneh henteu nyarahomah. Kiwari urang diantarana aya nu tos dipendakeun sareng jalmi anu ahli dzikir,
kantun ngamalkeun sing enya-enya, ulah kirang ti 165 tiap bada sholatna, nu
teuacan terang jeung no hoyong terang kantun dongkapan acara manaqiban tuan
syeikh abdul qodir. Didinya urang bakal dipasihan elmu dzikir sareng hakekatna
dzikir, sedengkeun pikeun jalma nutehoyong komo mun teu resep pamugi Alloh
masihan jalan terbaik pikeun maranehna.
4. MUGI DIGAMPILKEUN
Saha jalmina anu bakal nolak upami dipaparinan
hirup sarwa gampil, usahana mucekil, kamana-mana mantun mobil, jigana moal aya
jalmi anu wantuneun nampik, sadayana
bakal narima kana eta pamasihan, tapi sabalikna saha jalmina anu wantun
narima upami aya nu nawisan kasusah, kapayah, kabingung anu euweuh tungtung,
kabeh jalma bakal embung narima kana pamasihan model kitu. Tongboroning urang
salaku jalma biasa dalah gusti Kanjeng Nabi
sinareng Gusti Allah swt, teu miharep urang sadayana kenging karerepet,
kesulitan, badan payah ati susah, Tapi saestuna anu dipiharep ku kanjeng
Nabi,anu di pikapalay Allah swt, urang
sadayana salamina kenging kahirupan anu gampang, anu genah, ibadah merenah tur
tumaninah.Cobi Urang tingali dina al quran surat al baqoroh 185
Allah miharep kemudahan
pikeun aranjeun sadaya, jeung teu miharep kasusah pikeun aranjeun sadaya.
Pidawuh
kanjeng nabi saw,
ان الله تعالى رضي لهذه الامةاليسروكره لهاالعسر(رواه الطبرانى)
Saestuna allah swt
ngaridhoan ka umat anu ieu kamudahan, jeung mikahewa ayana kasusahan.engna
Nanging sok sanaos kabingung papahare pada embung, kasusah karaos wegah,
tapi kedah tiasa dihareupan kalayan sabar jeung pinuh kayakinan yen setiap
datangna kasusah, musibah, badan payah, ati susah, sirah asa beulah, dina hiji
mangsa bakal kapetik hasilna kaala buahna sadaya jerih payah, jeung
pengorbanana anu dirandapan. Cindeknamah saparantos kasusah pasti aya kabungah,
soksanaos karasa pait tapi bakal datang mangsana amis. Malah Ku Gusti di sebatkeun dugi dua kali
bari jeung ruruntuyan dina surat al insyiroh 5-6
“margi
saestuna saparantos kesukaran aya kamudahan, saestuna saparantos kesukaran aya
kemudahan.
Dina kahirupan anu
sabenerna kadang kawis harepan jeung sawangan
teu saluyu jeung kanyataaan, sok komo lamu hatena aral jeung subaha,
mangka sagala kasusah jeung musibah nu
diherupan bakal karaos lami, sok aya cariosan”geuning hirup teh kieu-kieu
teuing Gusti” tepinamah urangteh malah suudzhon ka gusti anu maha kawasa.
Padahal
nalika dirundung kabingung, nandangan
lara, kedahnamah jadi pieunteungeun pikeun urang, boa-boa ieuteh alatan urang
masih jauh kabedung anggang ka pangeran, boa-boa ieu teh alatan hate masih
nyantel eujeung togel, nyobat jeung maksiat, boa-boa loba keneh harta banda anu can katampa kanu hakna.
Beulah dieu alloh swt
ngabejaan kaurang sadayana, sing saha jalma anu bakal dipaparinan ka anjeuna
hiji jalan kemudahan kedah nyukupan tilu syarat, qs. Ql al lail
Kahiji urang teh kudu
‘atho. Hartina kudu barang bere, mere maweh kasasama, hatena kudu benghar tur
jembar.
Kadua syaratna nyaeta
taqwa, nyaeta lamun kecap jeung kiceup urang, rengkak paripolah katut ibadah
tetep cumantel ka Gusti salalwasna
Sareng nu katilu nyaeta
kudu tasdhiq, sikep jujur jeung ngabenerkeun kana perkara anu pasti benerna.
5. MUHAMAD AL FATIH; TAULADAN JANG PAMUDA
Saha anu teu
wawuh sareng Muhammad al Fatih, atawa sabalikna saha anu wawuh sareng Muhammad
al Fatih, anjeuna mangrupikeun sosok pamuda sakaligus pamingpin hiji nagara,
anu diramalakeun Ku Gusti Kanjeng Nabi saw ratusan tahun mangsa ka tukang dina
salah sawios hadis shohihna, anu anu unina kieu,” Konstantinopel bakal sumerah dina panangan
hiji pamingpin Islam, Mung di panangan anjeuna sahade-hadena pamingpin sareng
mung di panangan anjeuna sahebat-hebatna waladia pasukan.” HR. Ahmad
Saparantos
Kanjeng Nabi saw ngantunkeun alam dunya dina taun 632 m, pidawuhna nembe
kabuktian di tahun 1432 M. Saha ari
salira Muhamad Al Fatih teh?
Dina yuswana anu
masih keneh anom, anjeuna tos nyepeng mandat karajaan ti tuang ramana Sultan
Murad II, namung sok sanaos yuswana anom keneh teu ngajantenkeun anjeuna jadi
lemah, malahan dicatet dina sajarah yen silsilah karajaan Utsmani dugi kana
masa puncak kajayaan nyaeta nalika dicepeng ku Sultan Muhammad al Fatih.
Salira Muhammad
al Fatih ti awit alit keneh tos kenging binaan elmu-elmu agama dugi kana elmu
strategi perang jeung militer. Dina yuswa anu nembe 21 taun, muhamad al Fatih
tos dikenal janten pakar anu ahli diwidang ketentaraan, sains, matematika jeung
tos nguasaan 6 bahasa.
Tiawit pupusna
Kanjeng Nabi saw, saleresna aya sababaraha pejuang Islam anu kawentar hebat tur
gagah sapertos Khalid bin Walid sareng Salahudin al Ayubi, tapi dua nami eta
teu mampu ngelehkeun sareng naklukeun kota konstantinopel, henteu gampil pikeun
naklukeun Konstantinopel sabab kahalangan tur diapit ku selat jeung benteng
Bosporus anu kacida kuatna, Namung Muhamad al Fatih teu sumerah kitu bae,
sapanjang sajarah mung dimasa anjeuna tiasa nyiptakeun mariem raksasa anu
tohaga, peluruna tina logam waja sahingga bisa ngahancurkeun benteng bosporus
ti kajauhan, anjeuna oge anu mingpin pasukana pikeun mantun parahu-parahu
perang ngaliwatan gunung pikeun norobos
benteng musuh, hiji padamelan anu dianggep mustahil tapi bisa dilaksanakeun.
Naon konci
kasuksesan Muhammad Al fatih, walerana teu aya sanes pribadina anu soleh, pribadina anu soleh disebatkeun dina sajarah
yen anjeuna tara kantos ninggalkeun shalat Tahajud jeung shalat sunat Rawatib
ti awit akil balig dugi ka pupusna, lajeng waladia tentarana tara kantos
ngantunkeun sholat wajib hiji oge ti awit akil baligh, jeung satengah tina
pasukana tara kantos ngantunkeun solat tahajud ti awit akil baligh.
Taroskeun kadiri
urang, utamina generasi muda, naha
kantos ngantunkeun sholat anu lima waktu, naha mindeng urang sumegruk ceurik
payuneun sajadah dina unggal tengah peuting.
Lebah dieu, Alloh
tos ngajangjikeun hiji maqom mahmuda, tempat darajat anu mulia pikeun saha wae
anu hudang ti peuting ngalakonan Tahajud, nyaketan ka gusti nu maha suci.
79. dan pada
sebahagian malam hari bersembahyang tahajudlah kamu sebagai suatu ibadah
tambahan bagimu; Mudah-mudahan Tuhan-mu mengangkat kamu ke tempat yang Terpuji.
Manawi
kitu, kunci utama keberhasilan Muhamad Al Fatih sareng wadia baladna dina
naklukeun kota konstantinopel anu ayeuna dinamian kota Istanbul Turki anu
kantos dijangjikeun ku Kanjeng Nabi SAW dina pidawuhna. Buktosna kakuatan Al
Fatih lain dumasar tina kakuatan fisik wungkul, namung langkung utami nyaeta
soson-soson ngajaga hubungan kedekatan jeung Alloh swt (taqaruban ilallaah)
ngalangkungan shalat wajib, tahajjud jeung sunnah rawatib lainnya.
Mugia bakal
tumuwuh para pamuda tur pamudi urang sapertos Sultan Muhammad Al fatih. AMIIN
6.AL QUDUS
الحمدلله الملك الاعلى الكبير الواحد
الاحد السميع البصير فسبحانه من اله على عرشه اسثوى وعلى ملكه احثوى متفردا بالخلق
والثدبيراشهد ان لااله الاالله وحده لاشريك ولاضدولا ند ولامثل ولاظهير واشهدان
سيدنامحمدا عبده ورسوله البشير الندير والسراج المنير اللهم صل وسلم على عبدك
ورسولك محمد وعلى اله واصحابه اولى الجد والتشمير
اما بعد فياايها الناس اتقواالله تعالى فان تقواه وقاية من عذابه
Sadaya
puji kagungan Allah anu ngagaduhan 4000 nami, 1000 ditulis dina kitab jabur,
1000 dina taurat, 1000 dina kitab injil, 900 nyebar dina shuhufna para nabi.99
dina Al Qur’anul Kariim sareng 1 anu dilebetkeun kana hatena qalbuna kanjeng
nabi Muhammad saw ku malaikat Jibril nalika di gua Hiro.
Tina 4000 nami ieu aya hiji anu bade
dikedalkeun nyaeta Allah anu nyangking nami Al Qudus hartina subhanalloh, Alloh
anu Maha suci, mangka dina Al quran kalimat al qudus tara leupas tina kalimat
tasbih. Sakumaha pidawuhna dina al quran surat al jumu’uah ayat 1 sareng al
hasyr ayat 23
7. R O J A B anu agung
Dina Kitab fadhailusyuhur karangan KH.Abdul Gaos
Saefulloh Maslul sareng KH.Zaenal Abidin Bazul Asyhab, Rojab ilaharna disebat
sasih rajab teh di susun tina tilu huruf nyaeta ro, jim jeung ba.
Anu kahiji huruf ro dicandak tina kalimah
ridwanulloh , hartosna karidloan
gusti Allah. Sadaya amal jeung ibadah urang teu aya tujuan anu sanes iwal
miharep ridlona gusti allah swt. mangkana dina niat ibadah naon wae sok
ditungtungan ku kalimah lilllahi ta’ala (ikhlas, ridlo karna Allah ta’ala).
Ridwanullah mangrupikeun anugerah ti gusti anu
teu aya wates wangena, sabab kitu dina Alquran alloh ngedalkeun yen Allah
maparinan kabingahan tur kabagjaan ka manusa ku tilu rupi nyaeta rohmat, ridwan
atanapi karidloan , jeung surgana Allah.(QS.At-taubah ayat 21)
،Kusabab Kalintang ageung hartina ridwanulloh , Alloh dugika ngaluarkeun ultimatum dina hadits qudsi-Na;
من لم
يرض بقضا ئ ولم يشكر نعمائ ولم يصبر على بلا ئ فليخرج من تحت سمائ وليطلب ربا سوائ
“Sing saha jalma henteu ridlo jeung katangtosan
Kaula (pidawuh gusti), henteu syukuran
kana nikmat-Na Kaula, henteu sabar kana cobaan kaula, mangka geura incah tina
handapeun Langit kaula, jeung pilarian gusti salian ti kaula”
Hurup nu kadua nyaeta Jim dicandak tina kalimat
juudun anu hartosna kamurahan hate. Disaurkeun ku imam al-Qusyairi hartosna juudun
atanapi kamurahan hate nyaeta masrahkan langkung seueur tina hartabanda sareng
nyesakeun sakedik pikeun dirina pangabutuh hirup.
Kukituna kamurahan hate leuwih condok kana sipat
jembar tur beunghar manah, daek barang bere, mereh maweh kasasama sok komo ka
jalma anun tuna kakirangan.
Diriwayatkeun ku sayidatina ‘Aisyah RA. “ Jalma
anu berehan deukeut jeung gusti Allah, deukeut jeung papada manusa tapi jauh tina seuneu naraka, sabalikna jalma
anu koretmah jauh jeung gusti, anggang
jeung jalma tapi deukeut jeung api naraka”
Anu Katilu nyaeta hurup ba dicandak tina kalimah
baroah, hartosna teh bebas, bebas didieu teh sanes bebas sadaek karep tapi
bebas tina sipat nifak, munafek. Diwartoskeun ku kanjeng nabi saw, jalma bakal
bebas tina sipat munafek asal mindeng ngalobakeun dzikir ka Allaah swt.,
numutkeun pidawuhna:
من
اكثرذكرالله فقد برئ من النفاق
اللهم
برك لنا فى رجب و شعبنا وبركنا رمضانا إغفر لنا دنوبنا
9. AKHLAK BANGSA
Ibnu
Rusyd, sorang filosof muslim anu kasohor ngedalkeun.
إِنَّمَا
الْأُمَمُ الْأَخْلَاقُ مَا بَقِيَتْ ● فَإِنْ هُمُوْا ذَهَبَتْ أَخْلَاقُهُمْ
ذَهَبُوْا
“Tiap nagara bakal panceg, kuat, pageuh
salami masih aya keneh Akhlak budi pekerti, mangka upami akhlakna
luntur, leungit tinangtu bakal hancur eta nagara”. Unggelan ieu pikeun ngemutkeun yen kajayaan tur kamajuan hiji bangsa
gumantung tina pinunjulna akhlak, budi pekerti atanapi moral bangsa.
Dina
wanci kiwari anu paling katingali tur
karaos tina ucapan ulama bie, nalika Akhlak atanapi budi pekerti ieu ngawujud
janten etika sosial, nyaeta akhlak anu tos dijantenkeun perangkat hukum adat
atawa masyarkat hiji nagara, sahingga
disepakati ku para ahli elmu sosial yen hiji bangsa anu maju tur kuat nyaeta
bangsa anu etika sosialna kuat, tegar henteu lemah.istilahna disebat “though
state”
Contoh nagara anu etika sosialna kuat tur tegar diantawisna
nyaeta Amerika, Jepang tur Korea selatan, Di Amerika serikat, bakal calon
presiden anu nami Gary Hart anu disangka bakal pimeunangeun, kaligane hancur
karirna alatan kanyahoan selingkuh sareng foto model. Padahal Nagara Amerika
terkenal ku prilaku seks bebas, tapi lamun calon pamingpina selingkuh moal
meunang kapercayaan ti masyarakatna, logikana sederhana lamun ka istrina we
geus curang komo ka nagarana.
Kitu deui
dijepang, para pejabatna bakal ngundurkeun diri upami katohyan dirina
boh bawahana ngalakukeun kasalahan, malahan baheulanamah ditahun 70an aya
istilah harakiri, nyaeta ngalakukeun bunuh diri alatan gagal nyepeng hiji
jabatan.
Lajeng nu katilu nyaeta korea selatan, tiasa ngaberantas korupsi dugi ka
akar-akarna, dugi ka mantan presidena chun doo hwan oge tiasa diadili.
Ayeuna kumaha jeung nagara urang, Gunnar
Myrdal ahli ilmu sosial nyebatkeun yen nagara urangmah kalebet soft state
atanapi “nagara lunak, leleus,lembek” tina segi etika sosialna. Sok komo pami
ku urang ditalungtik tur dilenyepan dina wanci kiwari lobana kasus korupsi anu
teuacan rengse diuruskeun, proyek-proyek wangunan anu gagal alatan loba teuing
nu mili ngadaharna, kasus narkoba jeung penyalahgunaan obat dianggep biasa, kasus perselingkuhan dianggep
kaumuman, perzinahan geus ceuyah ti perkota dugi kapilemburan padahal jumlah
penduduk nagara urang 90 persen beragama Islam, anu ngajungjung luhur akhlakul
karimah.
Kanjeng nabi saw ratusan tahun kapengker ngedalkeun yen
saestuna kaula diutus samata-mata pikeun nyampurnakeun akhlak.
انما بعثت لأتمم مكرم الأخلاق,
Dina al qur’an oge dijelaskeun yen Kanjeng Nabi saw diutus
teu aya sanes pikeun mawa rohmat,pikeun sakabeh alam.
Dina akhir sasih mulud ieu mugia urang
sadayana tiasa mensuritauladani, akhlak
nabi saw, tiasa nungturkeun lacak tapak kanjeng nabi, sabab Pasti Allah bakal
mikacinta tur ngahampura jalmi anu daek nungturkeun lacak tapak kanjeng Nabi
saw.